Lirik Lagu 3 Pemuda Berbahaya – Sakur Ngimpi Feat Sallsa Bintan

Clarissa Anindya

0 Comment

Link

Saprak anjeun ngaleos
Ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nunggeulis
Hate mararinggis

Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajet cinta urang
Pikiran baluweng
Pinuh ku emutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawa ngilu ka anjeun
Nikmati hirup leungit teu nyesa
Teuing kamana

Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum

reff:

Kahayangmah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan

Ngahelas kaleungitan
Ngorejat seseblakan
Lieuk euweuh, lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ge tatanya
Dimana anjeun)

Tags:

Share:

[addtoany]

Related Post

Leave a Comment