Lirik Lagu Silvi Risviani – Kembang Tanjung Panineungan

Clarissa Anindya

0 Comment

Link

Lirik Kembang Tanjung Panineungan โ€“ Silvi Risviani

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun rebun
Di pakarangan nu reumis kรฉnรฉh
Harita keur kakandungan ku hidep

Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bรฉntang
Nu marurag peuting tadi
Bรฉntang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rรฉk ngabรฉjakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun

Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik aduuuh balilihan
Ras ka hidep ieung na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing

Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieung kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan

Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat suat nya pipikiran
Tapina kedalna tรฉh ku hariring

Hariring รฉling ku รฉling
Kana tanjung nu dipulung
Eeehhh
Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hatรฉ urang panineungan

 

Tags:

Share:

[addtoany]

Related Post

Leave a Comment